KENANGAN REUNI

Puisi Sunda
Buah pena: U. Syafruddin Oyib
Ditampilkan oleh N.Nurhamidah
pada acara REUNI ABITUREN PGA: 3 Syawal 1340 H/23 September 2009

RIRIUNGAN ABITUREN PGA

Alhamdulillah,..
Ayeuna, abituren PGA araya
Ngahaja kumpul mageuhan sadulur
nu ti kota nu ti lembur

Alhamdulilah,
bingah amarwata suta
bisa nostalgia jeung sobat-sobat nu masih araya di dunya
bari nyoreang nyawang jasa-jasa
jasa para guru, jasa para ulama baheula,
miwah jasa kakak-kakak nu milu juang ngadegkeun PGA

Allahu Rabbii…
teu saeutik ayeuna pahlawan PGA tos leungit
leungit ! leungit ! tapi, lain leungit pedah digembrong reungit
Aranjeuna, dicandak ku Mantena, Allah Subhanahu Wata`ala
tilar dunya,.. miheulaan urang sadaya

Sok sanajan aranjeuna tos teu araya
sok sanajan nu masih aya ge tos sarepuh,
tapi,…
tekad jeung ruhul jihad generasina teu pernah lumpuh

Allahu Al Gaffar
abdi sadaya, abituren PGA, siap juang neruskeun cita-cita
sok komo sumanget juang abituren, bari dipapaes ku alumni MTsN
najan keur kempes .. abituren PGA teu hees
Mts ge milu ngabeberes sangkan roes.

Allahu Akbar,
Opat puluh tahun katukang
Kabayang… kalangkang para pajuang
Katempo sakapeung senang…dikokojoan ku urang Galaherang
Galah alias gayungna parahu jadi pangawelah parahu pikeun maju
Herang nu mawa caang… nyaangan parahu nu geus aya di Cirahayu
Beber layar, tarik jangkar liwat Walahar di welah ku galah nu herang
Ngagebyar payung di luhur tur agung di Luragung

Allaahu Akbar
Opat puluh tahun katukang
Kabayang… kalangkang para pajuang
Tahan tandang, neang sandang jeung sesepuh Cikandang
sakapeung ceurik.. ceurik, sadayana simpatik
sakapeung seuri.. seuri, kabawa wangi ku urang lebakwangi
jeung urang sindangasari nu milu bakti pangawal diri
diwaktu gering fikir,.. cipetir milu dzikir,
cileuya mere bagja, cikaduwetan ngabantu emutan
sumanget jihad tetep mucung diwuwung ku layeus dukuh picung
kayungyun ku tokoh ti gunungkarung

Allahu Al Gaffar
karasa bagjana
ti baheula dugi ayeuna
jeung pahlawan ti wilanagara

Allahu Akbar !
Allahu Akbar !
Allahu Akbar !
Hayu urang sumanget juang!
hayu urang buktikeun!
Allahu Akbar !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar